Page 166 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 166

D.   Pancén


            a.    Di handap aya deui carita pondok. Pék baca sing gemet, tuluy pesék
                  eusina babarengan jeung kelompok  anu sakelompokna opatan. Anu
                  kudu ditéangan:
                  1.    Kumaha galur caritana?
                  2.    Saha waé palakuna jeung saha anu jadi palaku utamana?
                  3.    Kumaha watek palaku-palakuna?
                  4.    Di mana tempat kajadianna jeung  iraha waktuna?

                  5.    Naon téma caritana?
                  6.    Naon amanatna?
                  7.    Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan  hartina

                        dina kamus!
                  8.    Mun geus kapanggih hartina, kecap-kecap tadi larapkeun kana
                        kalimah anu béda!
                  9.    Téangan kecap-kecap anu kaasup kana kecap rajékan dwiréka
                        jeung  dwimurni,  boh  binarung  dirarangkenan  boh  heunteu,

                        sarta  tangtukeun  asal  kecapna  tuluy  téangan  hartina  dina
                        kamus!



                                               Tarawéh
                                     Kenging: Alzahra Pramanik
                  Geus datang deui bulan puasa. Kuring mah sok resep mun bulan
            puasa téh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar. Komo
            mun tengah poé, peujit téh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro
            tuhur balas hayang nginum. Awak lungsé taya tanaga. Titingalian gé sok
            ranyay teu puguh.

                  Resepna mun waktuna buka. Sagala ngeunah rarasaan téh. Nginum
            cai hérang gé asa ngeunaaaaah pisan. Mun geus ngasaan mah boa asa
            cai surga ku ngeunah-ngeunahna. Mamah sok nyadiakeun és buah, nu
            dijieunna téh tina mélon, bléwah atawa bonténg suri, ager, rumput laut,
            jeung kawéni. Mani seger pisan. Mamah mah sagala ngadamel nyalira.
            Gulana  sok  ngahaja  ngadamel  seueur,  tuluy  dibotolan,  disimpen  dina
            kulkas. Jadi mun kurang amis téh tinggal ngucurkeun baé tina botol.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   155
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   161   162   163   164   165   166   167   168   169   170   171