Page 21 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 21

d.      Pancén kelompok 7 jeung 8:



                                               Mojang Priangan




                                                Angkat ngagandeuang
                                                bangun taya karingrang
                                                nganggo sinjang dilamban
                                                mojang Priangan
                                                       Umat-imut lucu
                                                       larak-lirik nyari
                                                       rarat-rérét keupat
                                                       mojang Priangan
                                                Diraksukan kabaya
                                                nambihan cahayana
                                                dangdosan sederhana
                                                mojang Priangan
                                                       Mun disanggul ayu
                                                       mun disinjang lenjang
                                                       mun dierok dénok
                                                       mojang Priangan
                                                Gareulis maranis
                                                disinjang lalenjang
                                                éstu surup nu nempo
                                                mojang priangan
          Sumber: www.jahitkebaya.net
                                                      Latihan

                           1.    Kawihkeun  babarengan  jeung  anggota  kelompok
                                kawihna nepi ka lancar!
                           2.    Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan
                                hartina dina kamus!
                           3.    Kecap-kecap  anu  geus  kapanggih  hartina,  tuluy
                                larapkeun kana kalimah!
                           4.    Sebutkeun naon téma kawihna!
                           5.    Téangan kecap-kecap anu murwakanti!


            10                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   16   17   18   19   20   21   22   23   24   25   26