Page 18 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 18

sarua,  tangtu  hasil  pedaranana  bakal  aya  bédana.
                  Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas!
            9.    Kelompok hiji jeung dua babarengan nyindekkeun
                  sagala rupa hal anu kapanggih dina kawih Karatagan
                  Pamuda Indonésia!

                  b.   Pancén kelompok 3 jeung 4:



                                   Sabilulungan



                    Sabilulungan dasar gotong- royong
                    sabilulungan dasar silihrojong
                    sabilulungan genténg ulah potong
                    sabilulungan persatuan témbong
                           Tohaga
                           rohaka
                           teguh tanggoh perbawa sabilulungan
                           sadia
                           sajiwa
                           segut singkil ngabasmi pasalingsingan
                    Sabilulungan hirup sauyunan
                    sabilulungan silihpikahéman
                    sabilulungan tulung tinulungan
                    sabilulungan kukuh persatuan
                           Santosa
                           samakta
                           teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
                           saihwan
                           sapaham
                           nagri nanjung berekah sabilulungan


                                        Latihan
            1.    Kawihkeun  babarengan  jeung  anggota  kelompok
                  kawihna nepi ka lancar!





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                     7
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   13   14   15   16   17   18   19   20   21   22   23