Page 20 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 20

Mun pareng nincak ka bulan
            hayang ngaronjatkeun budaya Sunda
            ketuk tilu jaipongan moal leungit
            sanajan pindah ka bulan


            Mun pareng nincak ka bulan
            hayang mawa nini aki jeung baraya
            moal réa barangbawa
            nu dibawa ngan samping eujeung kabaya


            Ka bulan urang ka bulan
            ka bulan urang ka bulan
            ka bulan urang ka bulan
                                                     Sumber: http://bp4.blogspot.com

                                       Latihan!

            1.    Kawihkeun  babarengan  jeung  anggota  kelompok
                  kawihna nepi ka lancar!
            2.    Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan
                  hartina dina kamus!
            3.    Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun
                  kana kalimah!
            4.    Sebutkeun naon téma kawihna!
            5.    Téangan kecap-kecap anu murwakanti!
            6.    Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan!

            7.    Kelompok  lima  jeung  kelompok  genep  maju  ka
                  hareup,  giliran    ngahaleuangkeun  kawih  jeung
                  midangkeun hasil pedaranana!
            8.    Kelompok  séjén  ngoméntaran  kana  pedaran  ti
                  kelompok  lima  jeung  kelompok  genep.  Najan
                  kawihna  sarua,  tangtu  hasil  pedaranana  bakal  aya
                  bédana. Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas!

            9.    Kelompok lima jeung kelompok genep babarengan
                  nyindekkeun  sagala  rupa  hal  anu  kapanggih  dina
                  kawih Ka Bulan!




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                     9
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   15   16   17   18   19   20   21   22   23   24   25