Page 16 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 16

•   Getih suci nyiram bumi (murwakanti dina sora i)
            •   tulang sétra mulang lemah (murwakanti dina sora a)
            •   babakti sungkem pertiwi (murwakanti dina sora i)
            •   cikal bugang putra bangsa (murwakanti dina sora a)
            •   Nyatana Muhamad Toha (murwakanti dina sora a)
            •   pahlawan Bandung Selatan (murwakanti dina sora a)
            •   patriot ti Dayeuh Kolot (murwakanti dina sora o)
            •   tugu  diwangun  ngajadi ciri (murwakanti dina sora u
                jeung i)
            •   taraté nu mangkak ligar di émpang (murwakanti dina
                sora a)
            •   jadi ciri gugurna pahlawan bangsa (murwakanti dina
                sora i jeung a)


                                       Latihan 2
                  Dina  rumpaka  kawih  Pahlawan  Toha,  loba  kecap-
            kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé. Pék
            téangan hartina dina kamus, sarta larapkeun kana kalimah
            saperti conto nomer hiji!

            1.    sétra  hartina  beresih  ,  suci,  tempat  suci,  daérah
                  médan perang
                   Larapna dina kalimah:
                   Néng  Intan  mah  keur  geulis  téh  putih  ati  sétra
                  manah.
            2.    lemah hartina ...
                   Larapna dina kalimah: ...
            3.    cikal bugang hartina ...
                   Larapna dina kalimah: ...
            4.    patriot hartina ...
                   Larapna dina kalimah ...
            5.    mangkak  hartina ...
                   Larapna dina kalimah: ...
            6.    ligar hartina ...
                   Larapna dina kalimah ...
            7.    émpang hartina ...
                   Larapna dina kalimah: ...


                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                     5
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21