Page 19 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 19

2.   Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan
                                hartina dina kamus!
                           3.   Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun
                                kana kalimah!
                           4.   Sebutkeun naon téma kawihna!
                           5.   Téangan kecap-kecap anu murwakanti!
                           6.   Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan!
                           7.   Kelompok tilu jeung kelompok opat maju ka hareup,
                                giliran  ngahaleuangkeun kawih jeung midangkeun
                                hasil pedaranana!
                           8.   Kelompok  séjén  ngoméntaran  kana  pedaran  ti
                                kelompok tilu jeung kelompok opat. Najan kawihna
                                sarua,  tangtu  hasil  pedaranana  bakal  aya  bédana.
                                Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas!
                           9.   Kelompok  tilu  jeung  kelompok  opat  nyindekkeun
                                sagala  rupa  hal  anu  kapanggih  dina  kawih
                                Sabilulungan.




                               c.     Pancén kelompok 5 jeung 6:



                                                     Ka Bulan


                           mun pareng nincak ka bulan
                           hayang mawa nini aki jeung baraya
                           moal réa barangbawa
                           nu dibawa ngan samping eujeung kabaya
                                  Hayu batur saréréa
                                  di bulan engké urang nyieun nagara
                                  bisi urang rumah tangga
                                  boga budak tong loba siga di dunya
                           Bulan mah ceuk béja béda jeung dunya
                           hésé cai ngan ukur batu nu jadi sagara
                           mun rék mandi ngahaja kumpul baraya
                           ceurik bareng bari nandéan sabatok cimata


             8                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   14   15   16   17   18   19   20   21   22   23   24