Page 17 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 17

C.  Medar  Eusi  Kawih


                                Di  handap  aya  opat  kawih  anu  jejer/témana  béda-
                           béda.  Hidep  nyieun  kelompok    jadi  dalapan  kelompok.
                           Unggal  kelompok  bakal  kabagéan  niténan  salahsahiji
                           kawih  di  handap.  Jadi  bakal  aya  dua  kelompok  anu
                           kawihna sarua. Teu nanaon, engké hasil paniténna bakal
                           dibandingkeun. Geura titénan kawihna:


                              a.   Pancén Kelompok 1 jeung 2:



                                       Karatagan Pamuda Indonésia

                                Rempug jukung pamuda Indonésia
                                tingkahna waspada ariyatna
                                raksa jaring raga sukma
                                kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
                                         Lemah cai merdékana abadi
                                         urang kabéh pada kagiliran
                                         teguh nempuh perjuangan rayat Indonésia
                                         ngajungjung darajat bangsa


                                                      Latihan

                           1.   Kawihkeun  babarengan  jeung  anggota  kelompok
                                kawihna nepi ka lancar!
                           2.   Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan
                                hartina dina kamus!
                           3.   Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun
                                kana kalimah!
                           4.   Sebutkeun naon téma kawihna!
                           5.   Téangan kecap-kecap anu murwakanti!
                           6.   Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan!
                           7.   Kelompok hiji jeung kelompok dua maju ka hareup,
                                giliran  ngahaleuangkeun kawih jeung midangkeun
                                hasil pedaranana!
                           8.   Kelompok  séjén  ngoméntaran  kana  pedaran  ti
                                kelompok hiji jeung kelompok dua. Najan kawihna

             6                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21   22