Page 34 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 34

a.    Jejer/téma Warta
                  Warta  di  luhur  téh  méré  béja  ngeunaan  kagiatan  pasanggiri
                  ngadongéng pikeun budak SMP. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén
                  témana téh kagiatan budaya.


            b.   Ngaringkes Warta
                  Dina warta di luhur nyaritakeun  pasanggiri  ngadongéng tingkat
                  SMP sa-Kota Cimahi, dina raraga miéling poé basa indung sadunya
                  dina tanggal 21 Pebruari 2014. Éta kagiatan téh diayakeun pikeun
                  ngahudangkeun  deui  karesep  barudak  kana  dongéng  jeung
                  numuwuhkeun  tradisi  ngadongéng  anu  geus  leungit.  Singhoréng
                  barudak téh aralus ngadongéngna. Eta pasanggiri diiluan ku 54 urang
                  pamilon, 22 urang pamilon awéwé jeung 22 urang pamilon lalaki.
                  Unggal  katégori,  dipilih  genep  urang  pinunjul  anu  meunangkeun
                  hadiah mangrupa piala, piagem, jeung duit béasiswa ti kapala Dinas
                  Pendidikan Kota Cimahi.


            c.    Rumusan Warta
                  Hayu jieun deui sababaraha pananya anu jawabanana aya dina warta
                  di luhur!
                  1.    Kagiatan naon anu diayakeunana ?
                        Jawabanana:  Pasanggiri  ngadongéng  tingkat  SMP  sa-Kota
                        Cimahi.
                  2.    Saha anu ngayakeunana?
                        Jawabanana: MGMP Basa Sunda Kota Cimahi.
                  3.     Saha anu méré hadiahna?
                         Jawabanana: Kapala Dinas Pendidikan Kota Cimahi.
                  4.     Di mana diayakeunana éta kagiatan?
                        Jawabanana: Di SMPN 8 Kota Cimahi
                  5.     Iraha diayakeunana?
                        Jawabanana: Tanggal 21 Pebruari 2014.
                  6.     Naha éta kagiatan diayakeun?
                        Jawabanana:  Pikeun  ngahudang  deui  karesep  barudak  kana
                        dongéng-dongéng Sunda anu geus ngeureuyeuh laleungitan.
                        Lian  ti  éta,  pikeun  numuwuhkeun  deui  tradisi  ngadongéng
                        anu geus méh leungit.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    23
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   29   30   31   32   33   34   35   36   37   38   39