Page 51 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 51

saha anu teu aya,
                                Arman Andi nyampak suwung,
                                paingan atuh  paingan.
                                         Bu guru naros taliti,
                                         narosna téh lantip pisan,
                                         barudak téh éléh déét,
                                         balaka budak nu dua,
                                         ngahaja internétan,
                                         di pasar rada béh juru,
                                         anu nyanghareup ka wétan.

                                Lapor ka Pembina OSIS,
                                budak kabur ti sakola,
                                cenah mah nyingkur di warnét,
                                hayang wareg internétan,
                                nu deukeut pasar téa,
                                ngaréndéng jeung warung sangu,
                                geuwat kudu didatangan.

                                         Harita kénéh digidig,
                                         didatanganna jeung satpam,
                                         langsung muru warnét baé,
                                         Andi jeung Arman kasampak,
                                         gancangna mah dibawa,
                                         Andi jeung Arman tarungkul,
                                         lantaran ngarasa éra.


                                                      Latihan
                                Sabada maca guguritan dina  pupuh Asmarandana di
                           luhur, pasti ku hidep katitén bédana jeung pupuh Sinom
                           atawa pupuh Kinanti anu tadi geus dipesék. Niténan kana
                           gundukanna, saliwat ogé sidik jumlah jajaranna béda. Tah
                           sangkan  leuwih  jéntré,  pék  ku  hidep  pigawé  pancén  di
                           handap!
                           a.    Jawab pananya di handap!

                                1.    Saha  anu  jadi  tokoh  dina  guguritan  Budak
                                      Bangor?

            40                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   46   47   48   49   50   51   52   53   54   55   56