Page 53 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 53

3.    Guguritan dina Pupuh Mijil


                                      Di Mekah Tepung Silaturahmi




                                Jamaah téh asal béda nagri,
                                ti wétan ka kulon,
                                nagri kidul katut nagri kalér,
                                rupa-rupa bangsa pada hadir,
                                mungguh umat Nabi,
                                kabéh gé kasaur.
                                         Di Mekah tepung silaturahmi,
                                         patanya patakon,
                                         silihrérét loba anu anéh,
                                         nyidik-nyidik kulit warna-warni
                                         panon, irung, biwir,
                                         dedegan nya kitu.
                                Ku pakéan gé matak kataji,
                                godéblag berelong,
                                potonganna gobrah jeung godobér,
                                nu disarung jeung nu disamping,
                                kabéh narik ati,
                                runtut raut rukun.
                                         Betah teuing mun pagilinggisik,
                                         salam silih walon,
                                         lamun pareng diuk  paréréndéng,
                                         silih tanya asal téh ti mendi,
                                         silih beuli ati,
                                         patepung jeung dulur.
                                Nimat pisan jadi umat muslim,
                                haté teguh tanggoh,
                                salieuk béh ku réa sadérék,
                                sosonoan jeung sakolong langit,
                                saméméh jung balik,
                                nuju alam kubur.

                            (Dicutat tina  Guguritan Munggah Haji, 1995, karya Yus rusyana)


            42                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   48   49   50   51   52   53   54   55   56   57   58