Page 67 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 67

Andi Dadan leres hébat
                                                tapi Rina langkung pinter.
                           Barudak  :  Horééééé... istri ogé aya nu tiasa...
                           Guru      :  Wah... wah... ieu mah leres-leres hébat.
                                                Isukna muka komputer
                                                diseuseulan ku Bu Lilis
                                                Rina mah sanés mung pinter
                                                katambihan ogé geulis...
                           Rina      :  Héhé... Ibu hatur nuhun.
                                                Manuk piit manuk wilis
                                                eunteup dina tangkal waru
                                                Rina mémang leres geulis
                                                margi nurun ti Bu Guru...
                           Nunur  :  Ibu,  Nunur  mah  teu  ngalartos  hartosna,  tapi
                                       mani resep pisan. Buah Nanas Buah   kedongdong,
                                       ikutan doooong...
                           Guru      :  Ih éta mah sanés sisindiran atuh.
                                                Titiran eunteup ngajajar
                                                bangkuang palid ka sisi
                                                sisindiran opat jajar
                                                aya cangkang aya eusi.
                           Rina      :  Muhun atuh Nur, éta mah sanés sindiran.
                                                Haur Geulis Indramayu
                                                Mésér ayakan jeung nyiru
                                                Nunur  geulis sareng ayu
                                                Tah dangukeun Ibu Guru
                           Andi      :  Sanaos ka Haur geulis
                                       Andi mah resep ka Cina
                                       Sanaos Néng Nunur geulis
                                       Andi mah resep ka Rina
                           Barudak  :  Adeueueueueuh... suit suiw...
                           Dadan     :  Wah... wah... Rin... kumaha tah?
                                                Mandi isuk rada beurang
                                                Tampian jalanna nanjak
                                                 Andi atos terus terang
                                                 Badé ditampi, ditolak?


            56                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   62   63   64   65   66   67   68   69   70   71   72