Page 68 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 68

Guru       :  Eh,  kadé  ah  janten  ka  mana  karep.  Sing
                         émut Rin:
                                  ulah ngala cocongoan
                                  Bisi ruksak tangkal manggu
                                  Ulah waka bogohan
                                  Bisi sakola kaganggu
            Andi       :  Ha ha.... Ibu mah meni kitu.
                                  Tangkal waru tangkal randu
                                  Jaradi handapeun peuteuy
                                  Ibu guru ulah bendu
                                  Andi mah mung ukur heureuy
            Rina       :  Muhun Bu, ulah dianggap Andi mah.
                                  Andi resep dahar peuteuy
                                  Ngan sapérak  sakilona
                                  Andi mémang resep heureuy
                                  Nu matak awét jomlona
            Dadan      :  Eh Rin, ulah waka moyok teu payu ka Andi,
                         dangukeun geura:
                                  Meuli pedes ngan sakilo
                                  Diwadahan ku Si bayu
                                  Andi mah da sanés jomlo
                                  Ngan sakadar henteu payu




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    57
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   63   64   65   66   67   68   69   70   71   72   73