Page 66 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 66

KM         : Mangga Bu... siap! ngado’a ngawitan!
            Guru       : Amiiin... dicandak bukuna sadayana?
            Barudak  : Dibantun, Bu...!
            Guru       : Muhun saé pisan.
                                  Ulah loba dahar peuteuy
                                  ngala awi ngan sabuku
                                  barudak ulah hareureuy
                                  sok geura baruka buku
                         Kamari dugi ka mana diajar téh?
             Andi      :  Meuli roti ka Lodaya
                         Balikna téh kaburitan
                         kamari abdi sadaya
                         dialajar guguritan.
            Barudak  :  Horéééé... Andi pinter...!
            Guru       :  Wah,  Andi  hébat  pisan  tiasa  ngadamel
                         sisindiran.
                                  Ka leuweung néwak titiran
                                  dijualna ngan sarébu
                                  budak pinter sisindiran
                                  éta pasti murid ibu...
            Dadan      :  Ah, Ibu mah mujina ka Andi wungkul. Geura
                         dangukeun ieu Bu:
                                  Ka toko rék mésér kendi
                                  salah jalan kalah muter
                                  ibu ulah muji Andi
                                  abdi gé da sami pinter.
            Barudak  :  Horééééé... Dadan ogé pinter...!
            Guru       :  Uluh geuning Dadan ogé tiasaan.
                                  Kudu getol neukteuk kuku
                                  ngarah pinter lamun dangdan
                                  kudu getol maca buku
                                  ngarah pinter jiga Dadan.
            Rina       :  Kin heula Bu, ulah waka séséépan muji Andi
                         sareng Dadan. Cobi dangukeun geura:
                                  Mandi dangdan tos balébat
                                  terasna muka komputer



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    55
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   61   62   63   64   65   66   67   68   69   70   71