Page 83 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 83

Anggapan anu kaliru
                               Lamun nyebut urut guru
          Wildan      : (nyampeurkeun anu keur guntreng) Geus ah, ulah ngobrol
                        waé, mending ayeuna mah tamada ka Bapa sareng Ibu Guru,
                        rumasa urang loba kasalahan.
          Jupran      :  Aéh enya nya, saméméh urang paturay urang silihlubarkeun
                        dosa heula. Parawagri, mung sakieu kaul ti adi-adi.
                               Awi leutik lantas buku
                               Sumangga geura bral miang
                        Lampah iseng leungeun usil
                        Mugia sing hasil maksud

                        Beulit cinggir simpay réma
                        Ulah lali ka sim abdi


          (saréréa narangtung, ngabérés di tengah panggung):

                        Gunung Guntur Gunung Guntur
                        Jalanna ka peupeuntasan
                        Amit mundur amit mundur
                        Wiréh badé parantosan

                        Saninten buah saninten
                        Saninten di parapatan
                        Hapunten abdi hapunten
                        Bilih aya kalepatan


                        Cikuray Gunung Cikuray
                        Jalanna ka Cikamiri
                        Paturay urang paturay
                        Mugi ditepangkeun deui


                                             Latihan

          1.   Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti,  tuluy  téangan  hartina  dina
               kamus!
          2.   Sisindiran  anu  mana  anu  kaasup  paparikan?  Tuliskeun  deui
               sisindiranana, tuluy cirian purwakanti kecapna!


            72                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   78   79   80   81   82   83   84   85   86   87   88