Page 79 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 79

Sumber: http://bp2.blogspot.com

          Nu araya  :  Huh...!  Apan  ti  tadi  ogé  geus  karumpul  (bareng  saréréa
                        nangtung  ngabérés  nyanghareup  ka  nu  lalajo)  breng
                        rampak:
                               Manuk bueuk ditalian
                               Manuk aul jeung titiran
                               Mun lanceuk lulus ujian
                               Arék kaul sisindiran
                         (Saréréa balik deui ka tempatna séwang-séwangan)
          Dandi       :  (ka  hareup  bari  paroman  béar  marahmay)  kanggo  akang-
                        akang  nu  garandang  sareng  tétéh-tétéh  nu  lalengkéh,  anu
                        nembé diistrénan kénging ijazah, ieu ti adi-adi:
                               Meuli piring ka Gang Tengah
                               Ceuk béja hargana murah
                               Adi-adi ngiring bingah
                               Ki lanceuk kénging ijazah
                        (torojol  Entut  bari  ceurik  meni  eueuriheun  bangun  anu
                        kanyenyerian. Panonna carindul. Cipanon teu eureun-eureun
                        murubut kawas hujan silantang).


          Dandi       :  Ku  naon  ari  Entut,  datang-datang  ngadon  ceurik  teu
                        pupuguh.


            68                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   74   75   76   77   78   79   80   81   82   83   84