Page 81 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 81

Farhan      :  Aduh Isah anu geulis, teu kénging comél nya. Eta mah rusiah
                        urang duaan. Kumaha upami                               kadangueun
                        ku Bapa sareng Ibu guru?
          Isah        :  (Bari  ngoloyong  balik  deui  ka  tempatna  tadi)  Sawios  da...
                        da... Isah ogé bingaaahh...pisan...
          Baraya      :  Eéééééy... geuning saruana?
          Rifki       :  (nangtung  muru  tengah  panggung  bari  ngodok  saku.
                        Sakapeung  unggut-unggutan,  sakapeung  tatanggahan  jiga
                        anu ngitung béntang) Teu salah. Bener teu salah. Piraku guru
                        agama salah. Yakin pisan ayeuna mah. Pasti kitu. Buktina,
                        Nabi Sulaéman milih anu éta. Anjeunna jadi raja sadunya,
                        pangpinterna,  pangbeungharna,  ngan  lebet  ka  surgana
                        pangpengkerna di antara paranabi. Tapi keun baé ah, arék
                        nurutan.
          Jupran      :  (nyampeurkeun  Rifki  anu  keur  ngomong  sorangan  bari
                        nepak taktakna) naon anu teu salah téh, béjaan uing. Nu opat
                        angka mah sapuluh rébueun ogé meunang motor meureun.
                        Engké lamun latihan pramuka Rifki diboncéng ku uing nya.
          Rifki       :  Naon  ari  Jupran,  ujug-ujug  béjaan  waé.  Eta  deuih  bet
                        ngomongkeun  lotré  sagala,  ih  amit-amit.  Ieu  mah  keur
                        nyaritakeun élmu, kieu geura:
                               Sing getol nginum jajamu
                               Nu guna nguatkeun urat
                               Sing getol nya nyiar élmu
                               Nu guna dunya ahérat
          Jupran      :  Ari sugan téh nu keur ramé jaman ayeuna. Enya kétah, teu
                        meunang migawé anu karitu, pamali. Jaman ayeuna mah mun
                        hayang maju kudu pinter jeung parigel, ulah kuuleun. Sabab
                        anu pinter mah pasti padangabutuhkeun. Cenah geuning:
                               Cikamurang Kebon Jati
                               Melak céngék sisi wésé
                               Mun urang loba pangarti
                               Nyiar gawé moal hésé
          Syahid      :  (rusuh, ngadeukeutan anu duaan) satuju urang ogé. Mémang
                        kudu kitu. Ceuk Aki urang ogé kitu. Ceuk Nini urang ogé
                        kitu. Ceuk uyut urang ogé kitu. Ceuk...


            70                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   76   77   78   79   80   81   82   83   84   85   86