Page 78 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 78

___________________________
                           Unggal dinten mikasono

                           (wangsalna kulkas)


                  Lamun geus tangtu padalisan eusi jeung wangsalna,
            tah  tinggal  nangtukeun  cangkang  wungkul  anu
            nerangkeun kana wangsal tadi. Upamana kulkas téh jiga
            kumaha wangunna, keur naon kagunaanna, jsb. Upamana
            kulkas  téh  wangunna  jiga  lomari,  dijerona  tiis,  paranti
            neundeun dahareun. Cangkang anu patali jeung wangsal
            upamana:



                                 Lomari jerona tiis

                                 Unggal dinten mikasono (kulkas)




            D.   Maca Sisindiran dina Wangun Drama

                  Di  handap  aya  naskah  drama  pikeun  acara  paturay  tineung.  Pék
            titénan sing gemet!


                  Waktu acara paturay tineung jeung kelas salapan, luhur panggung
            geus dariuk barudak lalaki jeung awéwé maraké pakéan nu béda-béda.
            Aya anu diuk, aya anu émok, anu sila, malah anu nangtung ogé aya. Jleng
            Jupran ka hareup bari walahwah-weuleuhweuh tulung-tulungan.

            Jupran       :  Lontong ... lontong ... lontong...!
            Nu araya   :  Salah meureun. Tolong...
            Jupran       :  Aéh enya,  tulung... tulung... tulung!
            Héra          :  (norojol  nyampeurkun  bari  luway-liwey  semu  ogo)  Aya
                          naon  ari  Akang?  Teu  pupuguh  bet  gogorowokan  tulung-
                          tulungan?
            Jupran      :  (balaham-béléhém)  Teu...  teu...  aya  nanaon.  Sangkan
                          ngarumpul wé, urang kaul ka nu badé paturay tineung.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    67
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   73   74   75   76   77   78   79   80   81   82   83