Page 80 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 80

Entut         :  puguh sedih abdi téh Dandi. Meunang hésé hayang wawuh
                          jeung si manéhna, meureun isuk mah...
            Dandi       :  Ih sing jelas nyaritana sangkan puguh kadéngéna!
            Entut         :  Meureun isuk mah:
                                  Korsi jok bahanna hoé
                                  Hanjakal teu pati rapih
                                  Tuman amprok unggal poé
                                  Isukan bakal patebih
                           Boa-boa...:
                                  Rék ngala manuk japati
                                  Deukeut kadu sisi cai
                                  Can lila pakait ati
                                  Meureun kudu putus deui
            Nu araya  :  Euh...  sugan  téh...  kaciaaaaaaaaan  deh  lo...    (Dandi    jeung
                          Entut  baralik deui ka tempatna  séwang-séwangan)


                                                  ****
            Farhan      :  (bari médéngkréng) kadangu dulur-dulur? Kitu wé meureun
                          di  sakola  téh.  Paingan  indit  paisuk-isuk,  balik  pabeurang-
                          beurang, dangdan paménor-ménor, bekel paloba-loba, da...
            Nu araya   :  Da naon?
            Farhan      :  Da... da... resep dialajar sisindiran...
            Nu araya  :  Hih, Jaka Sembung dahar peuteuy, bau euy...!
            Farhan      :  Lain  bau,  teu  nyambung  kituh!  Kuring  mah  inget  kana
                          omongan kolot:
                                  Melak lobak dua jajar
                                  Ripuh kalah kalémpohan
                                  Ka sakola rék diajar
                                  Lain kalah bobogohan
            Isah        :  (Nyirintil nyampeurkeun Farhan bari nulak                   cangkéng)
                          ulah didangu baraya! Siga anu enya baé. Padahal manéhna
                          ogé kieu geura:
                                  Tumpak béca rék ka pasar
                                  Balanja kacang jeung uyah
                                  Bébéja arék diajar
                                  Padahal nganjang ka Isah



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    69
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   75   76   77   78   79   80   81   82   83   84   85