Page 84 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 84

3.    Pisahkeun mana anu eusina papatah, silihasih, jeung gogonjakan!
            4.    Anu  kaasup  rarakitan  nu  mana?  Tuliskeun  deui  sarta  cirian
                  purwakanti kecapna!
            5.    Tuliskeun deui anu kaasup wawangsalan!
            6.    Naon eusi wangsalna?

            E.   Pancén


                   Kagiatan ka-1

             1.    Téangan conto paparikan minimal 10 pada!
             2.    Téangan conto rarakitan minimal 10 pada!
             3.    Téangan  conto  wawangsalan  séjénna  tuluy  sebutkeun  naon
                   wangsalna!
             4.    Sabada manggihan conto paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan,
                   pék salin kana buku tulis. Kadé nulisna sing rapih!
             5.    Gundukkeun  mana  sisindiran  anu  kaasup  papatah,  silihasih,
                   atawa gogonjakan!
             6.    Cirian  kecap-kecap anu teu kaharti sarta tuluy téangan hartina
                   dina kamus!
             7.    Cirian purwakanti kecapna!



                   Kagiatan ka-2

               Tangtukeun cangkang sisindiran di handap!
               1.    _____________________________
                     _____________________________
                     Kahayang jadi insinyur
                     Fisika peunteunna opat
               2.    ___________________________
                     ___________________________
                     Mun Didi nyanyi di panggung
                     Nu lalajo malédogan
               3.    __________________________
                     __________________________
                     Ulah ngalawan ka kolot
                     Bisi asup ka naraka



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    73
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   79   80   81   82   83   84   85   86   87   88   89