Page 82 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 82

Fikri       :  Geus...geus! Jol-jol satuju waé. Satuju naonna?
            Syahid      :  Eta anu jaman ayeuna téa, hayang untung tina énténg, hayang
                          bati embung rugi, hayang jegud tinggal udud...
            Fikri       :  (bari nyentak) Ku saruana! Ieu mah keur nyaritakeun élmu,
                          lain nu kararitu.
            Syahid      :  Oh,  keur  nyaritakeun  élmu,  sugan  téh  judi  jeung  korupsi.
                          Éta mah kuring ogé geus ngadéngé ti kiai, yén harkat darajat
                          manusa téh gumantung kana élmuna. Kieu geura:
                                  Boboko wadah bakatul
                                  Kumbaheun mah diémbéran
                                  Mun bodo  katambah kedul
                                  Hirup moal diajénan
            Jupran      :  (bari  ngacungkeun  jempol  ka  hareupeun  anu  duaan)  Tah,
                          geuning pinter. Bener pisan éta téh. Beuki luhur élmuna, beuki
                          luhur  harkat  darajatna.  Tapi  kadé,  ulah  pinter  kabalinger.
                          Geus pinter, lali ka purwadaksi. Matak titip ka Akang-akang
                          sareng Tétéh-tétéh:
                                  Jalan Cagak Sariater
                                  Jalanna nanjak jeung muter
                                  Lamun jaga enggeus pinter
                                  Tong hilap ka almamater
            Héra        :  (nyampeurkeun  anu  tiluan)  Percanten  ka  Ki  Lanceuk  mah
                          moal dugi ka hilap ka almamater, kantenan ka Bapa sareng
                          Ibu  Guru  anu  parantos  ngatik  ngadidik  salami  tilu  taun.
                          Mun teu aya urut guru mah urang téh moal tiasa kieu.
            Rifki       :  Is, gagabah pisan nyarita téh. Guru mah teu aya urutna, nepi
                          ka iraha waé ogé sadayana tetep guru urang, lain urut guru
                          urang. Nyebutna lain urut, tapi guru keur di SD, guru keur
                          di SMP, guru keur di SMA, jeung satuluyna.
            Héra        :  Aéh muhun nya. Tapi urut kabogoh mah aya?
            Syahid      :  Aya, pan Héra ogé urut kabogoh Syahid....héhé...
            Héra        :  Eéééééy... amit-amit...! (bari neunggeul                   tonggong
                          Syahid)
            Jupran      :  Heueuh nya, bener Rifki. Geura dangukeun:
                                  Sungapan caina biru
                                  Usum babut jeung ngagaru



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    71
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   77   78   79   80   81   82   83   84   85   86   87