Page 89 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 89

amampuh  nyarita  hiji  jalma,  bisa  ngarobah
                                   dunya.  Buktina?  Lantaran  pinter  nyarita,  Bung
                           KKarno bisa ngamerdékakeun Indonésia. Biantara-
                           biantara  Bung  Karno  kasohor  ka  sakuliah  dunya  sarta
                           bisa  ngahudangkeun  sumanget  parapajuang  Indonésia.
                           Lantaran pinter nyarita, Hitler bisa ngahuru perang dunya
                           kadua. Ngarobah tatanan pulitik dunya nu pangaruhna
                           sumebar  ka  mana-mana.  Jadi  ulah  nganggap  énténg
                           kana  kamampuh  nyarita  hiji  jalma.  Bisi  hidep  hayang
                           milu ngarobah dunya, hayu urang diajar biantara! Dina
                           pangajaran ieu hidep bakal diajak mikawanoh babagian
                           biantara,  pilihan  kecap  nu  biasa  dipaké,  nulis  naskah
                           biantara nepi ka prakna biantara hareupeun kelas.

                           A.  Maca Biantara

                                Di  handap  aya  conto  naskah  biantara  pikeun  dina
                           acara paturay tineung. Pék baca sing gemet jero haté!


                                Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh

                                Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat,
                                Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
                                Hadirin  tamu  uleman,  ogé  anu  ku  sim  kuring
                           dipihormat,
                                Sadérék  sadaya  kelas  salapan  sareng  adi-adi
                           kelas  tujuh  sareng  kelas  dalapan,  anu  ku  sim  kuring
                           dipikacinta.
                                Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt.
                           Solawat sinareng salam  mugi ngocor ka jungjunan urang
                           sadaya Nabi Muhammah saw.
                                Bapa  sareng  Ibu  Guru  anu  ku  sim  kuring
                           dipihormat,
                                Langkung  ti  payun  sim  kuring  ngahaturkeun
                           nuhun, tos dipaparin kasempetan ngadeg di dieu, kanggo
                           ngawakilan sadaya siswa/siswi kelas salapan ngadugikeun
                           gerentes haté  ti sim kuring sadaya anu badé ngantunkeun
                           ieu sakola.

            78                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   84   85   86   87   88   89   90   91   92   93   94