Page 92 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 92

lulus.  Eusina  ucap  pamungkas  saméméh  ninggalkeun
            almamaterna. Ti mimiti nganuhunkeun ka guruna, ménta
            hampura ka saréréa, jeung ménta pidu’a. Mun diwincik,
            kieu babagian dina biantara téh:


                                  Eusi Biantara                            Babagianna

             Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh             Salam bubuka

             Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring
             dipihormat,

             Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring
             dipihormat,
                                                                       Pangbagéa (kata
             Hadirin tamu uleman, ogé anu ku sim kuring                sapaan)
             dipihormat,

             Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi kelas
             tujuh sareng kelas dalapan, anu ku sim kuring
             dipikacinta.

             Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah
             Swt. Solawat sinereng salam  mugi ngocor ka
             jungjunan urang sadaya Nabi Muhammah saw.                  Bubuka biantara

             Bapa sareng Ibu Guru hormateun sim kuring,

             Langkung ti payun........jst.
                                                                       Pangbagéa
             Bapa sareng Ibu Guru hormateun sim kuring,
                                                                       randegan
             Dina  ieu  kasempetan,  sim  kuring  ngawakilan
             réréncangan sadaya kelas salapan, seja ngahaturkeun
             réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan manah Bapa
             sareng Ibu Guru salami tilu taun ngasuh sim kuring
             sadaya.  Bapa  sareng  Ibu  Guru  teu  weléh  sabar
             ngawurukan  sim  kuring  sadaya  sangkan  janten
             jalmi anu pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin
             taat kana aturan, anu terang kana tatakrama sopan





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    81
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   87   88   89   90   91   92   93   94   95   96   97