Page 93 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 93

santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha
          Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya
          ka payunna. Hatur nuhun  pisan Bapa, Ibu, mugi-
          mugi sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun ku
          Bapa  sareng  Ibu  ka  sim  kuring  sadaya  mangpaat
          lahir  batin  dunya  ahérat.  Atuh  sagala  rupi  amal    Eusi Biantara
          kasaéan  Bapa  sareng  Ibu  ka  sim  kuring  sadaya,
          kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah Swt.
          amin ya Robbal alamin.
                Bapa sareng Ibu Guru ... jst.


          Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring,
          mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana.         Panutup Biantara
          Hapunten  anu  kasuhun,  bilih  aya  cariosan  anu
          kirang merenah.

          Billahi taufik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.       Salam Panutup




                           2.   Padika Biantara

                                Biantara téh salahsahiji kaparigelan nyarita pikeun
                           nepikeun  maksud  atawa  ngajelaskeun  hiji  pasualan  ka
                           jalma réa. Sangkan eusi biantara urang nepi ka anu dituju
                           atawa  anu  dimaksud,  tangtu  baé  mikabutuh  cara-cara
                           (téhnik)  nyarita  anu  teu  sagawayah.  Lantaran  biantara
                           mah wangun komunikasi langsung antara nu nyarita jeung
                           jalma  réa.  Kumaha  carana  sangkan  nu  ngabandungan
                           resep,  saregep,  nepi  ka  paham  kana  eusi  biantara,  éta
                           perlu dirojong ku sababaraha hal.

                                Anu  kudu  dilatih  ku  hidep  sangkan  biantara
                           dipikaresep  téh  lain  ngan  saukur  nulis  naskah  biantara
                           wungkul, tapi ogé dina prakna biantara hareupeun batur.
                           Lamun  urang  geus  lancar  biantara,    ka  dituna  mah  teu
                           kudu maké naskah deui, bisa langsung waé nyarita, asal
                           kudu bener babagianana.


            82                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   88   89   90   91   92   93   94   95   96   97   98