Page 90 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 90

Dinten ieu téh panginten
            dinten  anu  pikabungaheun
            ogé pikasediheun kanggo sim
            kuring  sadaya  mah.  Bingah
            kumargi  sim  kuring  sadaya
            parantos  lulus  ti  ieu  sakola
            saparantos  tilu  taun    jungkel
            jumpalik  diajar.  Ari  sedihna,
            nya  tangtos  baé  ku  sadayana
            ogé  kateguh,  kedah  papisah
            sareng    Bapa/  Ibu  Guru  ogé
            adi-adi  kelas  tujuh  sareng
            kelas  dalapan  anu  ku  sim
            kuring sadaya dipikacinta.
                  Bapa sareng Ibu Guru anu
            ku sim kuring dipihormat,

                  Dina  ieu  kasempetan,
            sim kuring ngawakilan rérén-
            cangan  sadaya  kelas  salapan,                    Sumber: hanifroad.wordpress.com
            seja ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan
            manah Bapa sareng Ibu Guru salami tilu taun ngasuh sim
            kuring  sadaya.  Bapa  sareng  Ibu  Guru  teu  weléh  sabar
            ngawurukan sim kuring sadaya sangkan janten jalmi anu
            pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin taat kana aturan,
            anu terang kana tatakrama sopan santun, anu iman sareng
            takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup
            sim kuring sadaya ka payunna. Hatur nuhun  pisan Bapa,
            Ibu, mugi-mugi sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun
            ku Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya mangpaat lahir
            batin dunya ahérat. Atuh sagala rupi amal kasaéan Bapa
            sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu
            manglipet-lipet ti Allah Swt. amin ya Robbal alamin.

                  Bapa  sareng  Ibu  Guru  anu  ku  sim  kuring  dipi-
            hormat,





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    79
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   85   86   87   88   89   90   91   92   93   94   95