Page 94 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 94

Dina  biantara  langsung,  anu  nyarita  téh  sasat  jadi
            puseur  panitén  saréréa.  Tuluy  henteuna  panongton
            saregep ngabandungan, gumantung kana kamampuh anu
            nyaritana. Lantaran sok aya geuning, eusi biantarana alus
            jaba penting, tapi lantaran nyaritana teu pikaresepeun, nu
            ngabandungan téh teu saregep. Atuh nu biantara biantara,
            nu  ngabandungan  jongjong  ngobrol  jeung  baturna. Aya
            opat  métodeu  biantara  anu  salila  ieu  remen  dipaké,
            nyaéta:
            1.    Métodeu impromtu (ngadadak)

                    Disebutna    ngadadak,       lantaran     dina     cara
                  midangkeunana tara maké tatahar heula. Boro-boro
                  maké naskah, da kaperluanna ogé saharitaeun. Mun
                  bisa mah nyaritana, métodeu ieu téh sok matak kataji
                  nu ngabandungan.


            2.    Métodeu ngapalkeun

                  Cara  midangkeunna  nu  ieu  mah  sabalikna  tina
                  impromtu.  Nu  rék  biantara  nuliskeun  heula  naon
                  anu  rék  diomongkeunana  tuluy  diapalkeun  kecap
                  demi kecap taya nu kaliwat. Nu matak sok aya kesan
                  kaku nyaritana téh, da bari nginget-nginget anu geus
                  diapalkeunna téa.


            3.    Métodeu naskah

                   Nyaéta biantara anu bari maca naskah. Tah métodeu
                  ieu biasana kurang pikaresepeun nu ngabandungan,
                  lantaran  nu  biantara  sok  tungkul  teuing  kana
                  naskah,  langka  ngayakeun  kontak  mata  jeung  nu
                  ngabandungan.


            4.    Métodeu ékstémporan

                   Dina  prakna  biantara  tara  maké  naskah,  tapi  naon
                  anu rék diomongkeun  dirarancang heula kalawan




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    83
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   89   90   91   92   93   94   95   96   97   98   99