Page 91 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 91

Sim kuring sadaya ogé seja nyuhunkeun hapunten
                           samudaya  kalepatan.  Rumaos  sim  kuring  sadaya  mah
                           seueur  carékeunna.  Salami  tilu  taun  téh  tangtos  seueur
                           paripolah  sim  kuring  sadaya  anu  matak  kesel,  jéngkél,
                           sareng  ngaraheutkeun  kana  manah  Bapa  sareng  Ibu.
                           Nyuhunkeun  pangapunten,  rupina  da  sanés  dihaja,  éta
                           mah  éstuning  tina  kabodoan  sim  kuring  sadaya  baé.
                           Diémutan ayeuna mah bet matak isin geuning, margi Bapa
                           sareng Ibu Guru mah sanaos sim kuring sadaya midamel
                           kalakuan anu matak ngajaheutkeun manah ogé teu weléh
                           sabar  mayunanana.  Teu  weléh  jembar  ku  pangampura.
                           Hatur  nuhun  Bapa,  Ibu,  parantos  sabar  mayunan  sim
                           kuring salami ieu. Hatur nuhun pisan.
                                Bapa  sareng  Ibu  Guru  anu  ku  sim  kuring  dipihor-
                           mat,

                                Sim  kuring  sadaya  seja  nyuhunkeun  pidu’a,  mugi-
                           mugi sim kuring sadaya tiasa ngamangpaatkeun élmu anu
                           parantos  dipaparinkeun  ku  Bapa  sareng  Ibu,  tiasa  lebet
                           ka sakola anu dipikahoyong,  tiasa ngahontal sagala rupi
                           anu dicita-citakeun, sareng janten jalmi anu guna kanggo
                           nusa bangsa sareng agama. Amiin ya Robbal alamin.

                                Bapa  sareng  Ibu  Guru  anu  ku  sim  kuring  dipihor-
                           mat,
                                Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring,
                           mugi-mugi  tiasa  ngawakilan  kereteg  haté  sadayana.
                           Hapunten  anu  kasuhun,  bilih  aya  cariosan  anu  kirang
                           merenah.

                                Billahi taufik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.



                           B.  Nyangkem Eusi Biantara

                           1.  Eusi jeung babagian biantara

                                Biantara di luhur téh ditepikeun ku wawakil ti kelas
                           salapan  anu  bakal  ninggalkeun  SMP-na  lantaran  geus


            80                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   86   87   88   89   90   91   92   93   94   95   96