Page 95 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 95

taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa
                                gurat  badag  atawa  rangkay  omongan  anu  rék
                                ditepikeun téa. Jadi, nu biantara bébas ngagunakeun
                                susunan kecap jeung kalimah, tapi susunan eusina
                                tetep ngaleunjeur dumasar kana catetan-catetan téa.
                                Dina  biantara  aya  padika  anu  disebut  T-A-G-O-G.
                                Éta téh singgetan. Geura urang wincik singgetanna:
                                1)    T = Teteg sikepna.
                                        Teteg  sikep  dina  nyarita,  teu  geumpeur
                                      diteuteup ku panongton. Sikep nu teteg sarta
                                      kalem  biasana  nembongkeun  kamampuhna
                                      dina  ngawasa  nu  ngabandungan  (audiens).
                                      Lamun teteg mah dina nyarita, moal geumpeur
                                      lamun  ngayakeun  kontak  mata  jeung  nu
                                      ngabandungan.  Tah  dina  waktu  nyarita,
                                      kontak  mata  jeung  nu  ngabandungan  téh
                                      kacida pentingna, pikeun museurkeun panitén
                                      nu  ngabandungan  kana  eusi  omongan  nu
                                      ditepikeun.
                                2)   A = Alus eusina.
                                       Eusi  biantara  anu  ditepikeun  alus  sarta
                                      penting keur nu ngabandungan. Hal ieu kudu
                                      diluyukeun  jeung  kelompok  massa  naon  anu
                                      ngabandunganna.  Mun  hareupeun  patani,
                                      meureun  anu  pikaresepeun  téh  kumaha
                                      carana tatanén anu modalna leutik tapi hasilna
                                      mucekil.  Kitu  deui  mun  hareupeun  barudak
                                      sakola,  meureun  barudak  bakal  resep  lamun
                                      dibéjaan  cara  diajar  anu  henteu  matak  lieur
                                      ngalampahkeunana.
                                3)   G = Gerak awakna merenah
                                      Nu disebut gerak awak téh dina biantara mah
                                      géstur  téa.  Gerak  awak  téh  pikeun  ngarojong
                                      nandeskeun maksud atawa eusi biantara. Bisa
                                      ku  rindat,  ku  gerak  biwir,  gerak  leungeun,
                                      jsb. ngan kadé ulah kaleuleuwihi, nepi ka jadi


            84                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   90   91   92   93   94   95   96   97   98   99   100