Page 98 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 98

Langkung  ti  payun  mangga  urang  sasarengan  ngedalkeun  puji
            sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat
            kalayan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina
            ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.
                  Hadirin anu sami linggih,

                  Salajengna  sim  kuring  seja  ngahaturkeun  réwu  nuhun  laksa  keti
            kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu.

                  Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta
            badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling
            tepung  taun  kemerdékaan  Indonésia.  Sok  sanaos  ari  kana  derna  acara
            puncak mah masih kénéh lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna
            kénéh.

                  Hadirin anu sami linggih.
                  Acara miéling tepung taun kamerdékaan nagara urang téh saleresna
            parantos  janten  agénda  rutin  di  sakola  urang.  Unggal  taun  tangtos
            baé  diayakeun  rupi-rupi  kagiatan  kanggo  ngareuah-reuah  atanapi
            ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang ngayakeun balap karung,
            balap bakiak, neda kurupuk, ngagebug cai, nyandak kaléci dina séndok
            nu  digégél,  dugi  ka  olahraga  nu  kalebet  daria    sapertos  putsal  sareng
            maén  poli  ogé  diayakeun.    Sanaos  teu  dipaparin  hadiah  ogé  geuning
            pamilon atanapi peserta mah sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun
            sadayana, da kasengker ku waktos téa.

                  Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak,
            kagiatan  naon  baé  nu  bakal  dilaksanakeun  dina  miéling  kamerdékaan
            taun ieu. Naha badé olagraga wungkul atanapi ditambihan ku kasenian
            ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep kumaha upami guru-guru
            diajak  ngiring  janten  pamilon,  diabenkeun    sareng  siswa.  Jigana  bakal
            nambihan ramé. Atuh bilih badé aya kasenian, tiasa waé dina panungtungna
            dipungkas ku jaipongan, dance, atanapi karaoké lagu Sunda. Panginten
            bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian.

                  Tapi  éta  mah  sakadar  ideu,  panginten  nu  pastina  mah  kin  urang
            badantenkeun langkung paos, méh sadayana sapuk sarta mupakat.
                  Hadirin anu sami linggih.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    87
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   93   94   95   96   97   98   99   100   101   102   103