Page 96 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 96

ngaganggu kana eusi biantara. Anu meujeuhna
                        waé,  luyu  jeung  eusi  omongan,  nepi  ka  nu
                        ngabandungan téh ngarasa kataji.  Nu penting
                        mah mampuh ngébréhkeun yén nyarita téh lain
                        ngan  sakadar  ngalisankeun  kecap,  tapi  kudu
                        dibarengan  ku  tatakrama  anu  témbong  dina
                        rengkuhna  sarta  gerak-gerik  anggota  badan
                        lianna. Komo lamun nepi ka bisa némbongkeun
                        pasemon/éksprési luyu jeung kecap/kalimah nu
                        diucapkeun. Jiga kumaha riuk beungeut lamun
                        ngucapkeun kalimah pananya, panyeluk, nitah
                        atawa nyarék, jsb.
                  4)   O = Omonganna merenah
                        Dina omongan, lian ti basa nu diucapkeun téh
                        kaasup  ogé  lentong  (intonasi)  jeung  ngucap-
                        keunana  (lapal).  Susunan  basana  tangtu  baé
                        kudu hadé jeung bener ngalarapkeunana.  Kitu
                        deui lentong anu merenah, jeung ucapan anu
                        bener  bisa  ngarojong  kana  nandeskeun    eusi
                        biantara.  Malah  nya  lentong    jeung  ngucap-
                        keunana pisan anu bisa nyambungkeun émosi
                        nu  nyarita  jeung  nu  ngabandungan  téh.  Dina
                        lentong kudu bisa ngabédakeun lentong/into-
                        nasi  lebah  ngalisankeun  kalimah  pananya,
                        kalimah  wawaran,  jeung  kalimah  panyeluk
                        (bisa  ngucapkeun  kalimah  luyu  jeung  tanda-
                        tanda bacana (peun, koma, tanda tanya, tanda
                        panyeluk).  Sedeng dina ngucapkeunana bener
                        ngalisankeun sora-sora basa  kalawan béntés (
                        ngalisankeun eu, e (pepet) jeung é (téléng).
                  5)    G = Gaya nyaritana
                          Nu  dimaksud  gaya  nyarita  téh  kamampuh
                        nyarita hareupeun umum (publik speaking) anu
                        pikaresepeun, narik paniten nu ngabandungan.
                        Ngalisankeun eusi (maksud) téh dibarengan ku
                        cara nu luyu, gampang kaharti sarta teu matak



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    85
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   91   92   93   94   95   96   97   98   99   100   101