Page 103 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 103

nu disebut budaya téh sakabéh aspék anu patali
                                    jeung  kahirupan  manusa  sapopoé.  Basana,
                           Asenina, adat istiadat atawa kabiasaanana. Sunda
                           téh  beunghar  ku  budaya  anu  luhung  ajénna.  Hanjakal
                           dina  jaman  modéren  jiga  ayeuna,  budaya  Sunda  loba
                           anu  geus  kasilih  ku  budaya  anu  datangna  ti  bangsa
                           séjén. Loba barudak ngora anu geus teu apal deui kana
                           budayana,  malah  leuwih  apal  kana  budaya  deungeun.
                           Sabalikna,  budaya  Sunda  malah  loba  dipikaresep  ku
                           urang  deungeun.  Buktina  loba  urang  deungeun  anu
                           ngahaja nalungtik budaya urang pikeun diwanohkeun di
                           nagarana. Lila-lila mah bisa jadi urang deungeun leuwih
                           wanoh kana budaya urang batan urangna sorangan anu
                           kasebut nu bogana. Naha urang rék mikeun mun tepi ka
                           kitu? Dina pangajaran ieu hidep bakal diwanohkeun kana
                           rupa-rupa banda budaya urang Sunda.



                           A.  Maca Bahasan

                                Di  handap  aya  conto  bahasan  ngeunaan  kampung
                           adat  nu  masih  kénéh  aya  di  tatar  Sunda.  Pék  baca  sing
                           gemet dina jero haté!



                                 Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar


                                Perenahna  di  Kabupatén  Sukabumi.  Persisna  mah
                           di  kampung  Sukamulya,  Désa  Sirnaresmi,  Kacamatan
                           Cisolok.  Di  ditu,  di  sisi  laut  Palabuan  Ratu.  Ti  saprak
                           kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan
                           Ratu,  rada  leuheung  ka  kota  téh  teu  jauh  teuing  jiga
                           baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh.

                                Najan  teu  jauh  ka  kota  sarta  geus  réa  kagiridig
                           ku  jalma  nu  ngadon  ulin,  masarakat  Kampung  Gedé
                           Kasepuhan  Ciptagelar  mah,  pageuh  kénéh  nyekel  tali
                           paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah

            92                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   98   99   100   101   102   103   104   105   106   107   108