Page 99 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 99

Rupina  cekap  sakieu  baé  pamapag  ti  sim  kuring,  hapunten  bilih
          aya  basa  nu  kirang  merenah  kadanguna.  Billahi  taufik  walhidayah,
          wasalamu’alaikum warrahmatullahi wabarrakattuh.
                                             Latihan

               Sabada  hidep  paham  kana  babagian  biantara,  pék  ayeuna  wincik
          biantara di luhur  jiga conto dumasar kana babagianana!

           1.   Sebutkeun babagianna, méh jéntré alusna mah maké tabél:
               a.  Salam bubukana
               b.  Pangbagéa (kata sapaan)
               c.  Alinéa bubuka
               d.  Alinéa eusi
               e.  Alinéa panutup
               f.  Salam panutup
          2.   Caritakeun  deui  eusi  biantara  di  luhur  maké  basa  hidep
               sorangan!
          3.   Téangan  rakitan  basa  anu  jadi  mamanis  basa  jeung  ngandung
               purwakanti!
          4.   Téangan  conto  naskah  biantara  séjénna,  naha  dina  buku  atawa
               dina internét, tuluy wincik  jiga di luhur!




          D.   Pancén Kelompok

               Réngsékeun naskah biantara di handap babarengan jeung kelompok!
          Téma biantarana “Mikaresep Kasenian Sunda”. Ieu biantara ditepikeun ku
          pupuhu Karang Taruna dina acara gempungan anu dihadiran ku pupuhu
          RT, pupuhu RW,  tokoh-tokoh masarakat, jeung Bapa Lurah.  Anu jadi
          hadirinna anggota karang taruna.

               Asslamu’alaikum wr.wb.
               ___________________anu ku sim kuring dipihormat,
               ___________________anu ku sim kuring dipihormat,
               _______________ogé anu ku sim kuring dipihormat.
               Alhamdulillah wasyukurillah puji sinareng sukur__________________
          ________________________________________________________________
          _______________________


            88                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   94   95   96   97   98   99   100   101   102   103   104