Page 104 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 104

Sumber: enjepe.wordpress.com
            boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan
            urang  Sunda  pituin,  anu  can  kacampuran  ku  pangaruh
            modéren.

                  Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna
            ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut
            imah  panggung  téh  imah  anu  aya  kolongan.  Jangkung
            kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh
            kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto
            hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi
            opat jeung badag. Kétah, wangunan imah ogé handapna
            maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti
            batu ka batu téh paling tilu méteran.

                  Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung  juré.
            Sok  ditambahan  émpér  di  bagian  hareup  jeung  bagian
            tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal
            matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép
            pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian
            imah  diwangun  ku  tengah  imah  paranti  ngumpulna
            sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti
            saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung
            dapur  paranti  masak.  Lian  ti  imah  pangeusi  lembur,  di
            dinya  ogé  urang  bisa  manggihan  bumi  ageung,  leuit,
            jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda
            baheula.


                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    93
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   99   100   101   102   103   104   105   106   107   108   109