Page 105 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 105

4)   Paguneman, nyaéta kalimah langsung para palaku anu silih témpas,
                  contona:


               Gusti Prabu          :  Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak jadi
                                      kahariwang Paman?
              Paman Léngsér         :  Numawi,  Gusti  Prabu,  éta  orok  téh  rampus  pisan
                                      sagala dituang.
              Gusti Prabu           :  Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat.
              Paman Léngsér         :  Sanés  kitu,  Gusti  Prabu,  anu  dituangna  téh  sanés
                                      kadaharan      wungkul. Pepelakan di buruan, anak
                                      hayam, malah ka lamak bubu-tutan ogé sok dituang
                                      ku orok téh.
              Gusti Prabu           :  (Seuri ngagakgak) Ha ha ha....Turunan jurig sugan,
                                      Paman! Nya alus ari daék ngadahar lamak bubututan
                                      mah, da harga béas keur mahal apan ayeuna téh!




            5)   Prolog  jeung  épilog.  Aya  drama  anu  henteu  maké  prolog  jeung
                  épilog. Prolog ditulis dina awal drama, eusina katerangan ngeunaan
                  lalakon  anu  disuguhkeun. Ari  épilog  ditulis  dina  bagian  panutup
                  drama, eusina kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang. Dina
                  naskah “Si Ujang Jadi Prabu” mah teu aya prolog jeung épilog.


                  Drama  kaasup  kana  sastra  lalakon,  lantaran  karangan  drama
            ngébréhkeun paripolah palaku. Para palaku sina meta sarta maguneman
            jeung  palaku  lianna.  Ieu  anu  ngabédakeun  drama  jeung  carita  rékaan
            lianna,  upamana  baé    novel  atawa  carita  pondok  anu  ngébréhkeun
            paripolah  palaku  ku  cara  dicaritakeun  ku  juru  catur.  Dina  drama  mah
            dilampahkeun atawa bisa katémbong dina omongan para palaku. Dina
            drama “Si Ujang Jadi Prabu” anu tadi, urang bisa nyindekkeun kumaha
            upamana  pasipatan  Nini  Paraji  atawa  Radén  Aria,  sabada  nengetan
            omongan-omonganana.
                  Dina  sastra  Sunda  loba  pisan  karangan  drama  anu  kungsi
            dipagelarkeun, upamana baé: Lutung Kasarung (R.T.A. Sunarya), Yaomal
            Kiyamah (RAF), Masyitoh (Ajip Rosidi), Cahaya Maratan Waja (Yus Rusyana),
            Bandung  Lautan Api  (Rukasah  S.W.)  Prabu  Siliwangi  (Yoséph  Iskandar),

                                                                                       95
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   100   101   102   103   104   105   106   107   108   109   110