Page 104 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 104

4.    Kudu  ditumbalan  ku  naon  cenah  sangkan  nagara  ma’mur  sarta
               Endén Putri cageur?
          5.    Saha ngaranna putra Gusti Prabu téh? Kumaha pasipatanana?
          6.    Naon ari praméswari téh?
          7.    Adegan  naon  ceuk  hidep  anu  pikaseurieun  tina  éta  sempalan
               drama?
          8.    Saha ahirna atah rék dititah néangan Tujuh Mustika téh?



          B.   Niténan Naskah Drama

               Naskah  drama  anu  tadi  dibaca  ku  hidep  téh  minangka  sempalan
          atawa bagian tina naskah “Si Ujang Jadi Prabu”.  Jadi caritana teu acan
          tamat, da kakara dua babak. Ké hidep bisa maca babak satuluyna. Upama
          ku  hidep  dititénan,  naon  ciri  anu  pangkatingalna  tina  naskah  drama?
          Ayana paguneman (dialog). Ieu minangka ciri anu ngabédakeun naskah
          drama jeung wangun karangan anu séjénna.

               Tegesna drama téh carita rékaan anu winangun paguneman (dialog)
          para  palaku.  Dina  naskah  drama  katémbong  ayana  ciri-ciri  anu  husus,
          nyaéta:

          1)   Pertélaan  palaku,  anu  ngabéréndélkeun  ngaran  jeung  katerangan
               ngeunaan palaku. Aya ogé drama anu henteu maké pertélaan palaku,
               kawas naskah anu tadi di luhur.
          2)   Babak  jeung  adegan,  anu  ngabagi-bagi  karangan  drama.  Unggal
               babak dibagi jadi sababaraha adegan nurutkeun robahna kajadian.
               Aya drama anu ukur diwangun ku sababak jeung aya anu sababaraha
               babak.
          3)   Candraan atawa katerangan dina awal babak, nerangkeun kaayaan
               latar, suasana, palaku, kajadian jeung sajabana, contona:



                  (Sang  Prabu,  Praméswari,  Para  Putri,  Ponggawa,  jeung  Paman
                  Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék

                  diuk, tuluy hulang-huleng, Bangun keur boga kabingung.)





            94                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       95

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   99   100   101   102   103   104   105   106   107   108   109