Page 14 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 14

Galindeng ayat suci Al Qur’an pamugi sing janten cukang lantaran
          ngocorna rohmat sareng barokah Alloh ka urang sadaya. Amin!
               Hadirin hormateun sim kuring!

               Nincak  acara  nu  katilu,  nyaéta  biantara  laporan  pupuhu  Panitia
          Paturay  Tineung.  Sumangga  kersana  Bapa  Drs.  Galih  Sundana
          dihaturanan!
               …………..

               Hatur  séwu  nuhun  ka  Pupuhu  Panitia,  kersana  Bapa  Drs.  Galih
          Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana.

               Salajengna,  sumangga  urang  sami-sami  ngabandungan  hariring
          kawih “Sabilulungan” anu badé dipintonkeun ku Rampak Sekar ti kelas
          tujuh. Sumangga dihaturanan!
               …………..
               Sabilulungan,  sipat  silih  rojong.  Sipat  urang  Sunda  nu  kalintang
          éndahna.  Pamugi  kawih  anu  nembé  dihaharingkeun  sing  nyerep  kana
          angen, sing nitih kana ati sanubari. Dina enggoning diajar urang salamina
          tiasa silih rojong, silihasih ku pangarti, silihasah ku kabisa, silihasuh ku
          kaweruh.

               Bapa miwah Ibu, hormateun sim kuring!

               Acara  salajengna  nyaéta  biantara  pangbagéa  ti  Pupuhu  Komite
          Sakola. Sumangga kersana Bapa  H. Ading Syahidin dihaturanan!
               …………..
               Hatur nuhun ka Pupuhu Komite Sakola, Bapa H. Ading Syahidin
          anu parantos ngadugikeun biantara pangbagéana.

               Salajengna,  sumangga  urang  ngabandungan  deui  hariring,  nyaéta
          lagu wajib ieu sakola, “Himneu SMP” anu badé dipintonkeun ku Kelompok
          Paduan Suara ti kelas dalapan. Sumangga dihaturanan!

               …………..
               Lagu “Himneu SMP” anu nembé dihariringkeun, kantenan matak
          ngahudang  waas,  utamina  ka  akang-tétéh  kelas  salapan  anu  badé
          ngantunkeun ieu sakola. Sok sanaos engké paturay patebih, pamugi tetep
          nineung ka ieu sakola.


             4                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       5

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   9   10   11   12   13   14   15   16   17   18   19