Page 16 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 16

Hadirin, minangka tawis sukur, sumangga urang pada tumungkul
          ngabandungan  hariring  lagu  wajib  “Syukur”  anu  badé  dipintonkeun
          ku  Kelompok  Paduan  Suara.  Sumangga  Kelompok  Paduan  Suara
          dihaturanan!
               …………..
               Alhamdulillah,  acara  demi  acara  parantos  réngsé.  Kangggo
          ngantebkeun  tawis  sukur,  sumangga  ieu  acara  urang  pungkas  ku  du’a
          sasarengan, kalayan dipingpin ku Bapa Ustad Fauzi. Sumangga Pa Ustad
          dihaturanan!
               …………..

               Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh!

               Acara Paturay Tineung parantos lekasan. Minangka acara pamungkas
          nyaéta Pinton Seni, anu badé mintonkeun rupi-rupi kasenian. Ieu acara
          hiburan badé dijejeran ku Sadérék Febby Ayudia sareng Gentra Sukmana,
          calon  présénter  anu  nyongcolang  ti  sakola  urang.  Sumangga,  Sadérék
          Febby sareng Gentra dihaturanan! Hadirin mugi keprok!

               Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa
          anu  kirang  merenah.  Bobo  sapanon  carang  sapakan,  luhur  saur  bahé
          carék, mugia kersa ngahapunten.
               Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb.



          2.   Panumbu Catur (Modérator)

               Ayeuna pék baca ieu téks biantara panumbu catur di handap sarta
          bandingkeun jeung wacana anu tadi!

          Panumbu Catur         :  Assalamu’alaikum wr. wb.

                                  Bapa/Ibu  Guru  kalih  réréncangan  sadaya  anu
                                  dipihormat,  dina  danget  ieu  sim  kuring  sapa-
                                  karanca  ti  kelompok  hiji  badé  medar  pasualan
                                  “Ngagunakeun  basa  Sunda  dina  kahirupan
                                  sapopoé”.  Ieu  pasualan  badé  didugikeun  ku
                                  Sadérék Jajang, sumangga dihaturanan!



             6                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       7

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21