Page 17 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 17

Pangjejer              :  Réréncangan  sadaya,  sakumaha  anu  tadi  parantos
                                     didugikeun ku Panumbu Catur, urang badé madung-
                                     dengkeun “Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan
                                     sapopoé”. Ieu pasualan téh peryogi disawalakeun,
                                     jalaran beuki dieu ku urang beuki sering ka kuping
                                     urang  Sunda  seueur  anu  henteu  nyarios  ku  basa
                                     Sunda. Naon anu ngalantarankeunana, sareng kedah
                                     kumaha  urang  ngungkulanana?  Sumangga  urang
                                     padungdengkeun  dina  ieu  sawala.  Pamair  sareng
                                     pamadegan  ti  sadayana  kalintang  diarep-arepna,
                                     supados ieu sawala téh aya mangpaatna.
                                     Anu kasaksén ku urang dina kahirupan sadidinten,
                                     urang Sunda seueur anu wegah ngagunakeun basa
                                     Sunda, utamina di kota-kota. Malah di pilemburan
                                     ogé ayeuna mah ampir sami baé, teu sakedik urang
                                     Sunda anu nyariosna ku basa Indonésia. Ku urang
                                     geuning  sok  sering  ka  kuping,  upami  aya  sepuh
                                     anu ngajak nyarios ka murangkalih, nyariosna téh
                                     sok  ku  basa  Indonésia  padahal  sidik  maranéhna
                                     téh urang Sunda bari cicing di tatar Sunda.
                                     Aya  anu  nyebatkeun  yén  maké  basa  Sunda  téh
                                     cenah  géngsi,  da  basa  urang  lembur.  Tinggaleun
                                     jaman, henteu gaul, sareng sajabina. Aya deui anu
                                     gaduh pamadegan yén basa Sunda téh cenah hésé
                                     da aya undak-usuk basa. Sieun lepat ngagunakeun
                                     undak-usuk. Sok pagentos maké basa kasar sareng
                                     basa lemes, janten langkung praktis nyarios ku basa
                                     Indonésia  waé.  Kitu  saurna  téh.  Duka  mana  anu
                                     leres. Mung anu puguh, salaku urang Sunda, urang
                                     ulah  cicingeun  atawa  ngantepkeun  ieu  pasualan.
                                     Da upami henteu ditarékahan, tangtos urang Sunda
                                     bakal beuki seueur anu henteu ngagunakeun basa
                                     Sunda. Upami kitu, tangtos wé basa Sundana ogé
                                     bakal leungit. Atuh bangsa Sundana ogé moal aya,
                                     da  apan  ceuk  paribasa,  Basa  téh  cicirén  bangsa.
                                     Leungit basana ilang bangsana.

                                                                                        7
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21   22