Page 15 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 15

Hadirin,  acara  salajengna  nyaéta  biantara  ti  Bapa  Kapala  Sakola.
            Sumangga kersana Bapa Drs. H. Undang Purwajati, M.Pd. dihaturanan!
                  …………..

                  Hatur séwu nuhun ka Bapa Kapala Sakola anu parantos ngadugikeun
            biantarana.  Pamugi  rupi-rupi  piwejang  anu  nembé  didugikeun  ku
            anjeunna,  sing  janten  ranggeuyan  mutiara,  pibekeleun  urang  sadaya
            enggoning nyukcruk élmu sareng ngahontal préstasi nu langkung luhur.

                  Hadirin sadaya hormateun sim kuring!

                  Cunduk kana acara poko, nyaéta Prosési Penglepasan Kelas IX, anu
            badé digelarkeun dina wangun Upacara Adat. Sumangga ka para patugas
            Upacara Adat dihaturanan!
                  …………..

                  Hadirin, alhamdulillah Upacara Adat Penglepasan Kelas IX parantos
            lekasan.  Teu  aya  deui  anu  tiasa  kadugikeun  ka Akang-Tétéh  Kelas  IX,
            iwal ti kabingah sareng pangwilujeng. Wilujeng, Akang-Tétéh parantos
            lulus ngahontal préstasi di ieu sakola. Wilujeng angkat, wilujeng nempuh
            sakola  nu  langkung  luhur.  Mugia  sadayana  sing  lulus-banglus  tiasa
            neraskeun ngahontal cita-cita.

                  Salajengna, Bapa Kapala Sakola dihaturanan kanggo nyanggakeun
            ijasah  sacara  simbolik  ka  wawakil  siswa  Kelas  IX.  Sumangga
            dihaturanan.
                  …………..
                  Hadirin, sakola urang parantos nyangking rupi-rupi préstasi dina
            widang science, olahraga, sareng kasenian. Éta préstasi téh dihontal di
            antawisna ku para siswa Kelas IX anu ayeuna parantos lulus. Jalaran kitu
            sakola badé maparin piagem minangka tawis panghargaan ka 10 siswa
            Kelas  IX  anu  parantos  nyangking  préstasi.  Sumangga  para  siswa  kalih
            Bapa Kapala Sakola dihaturanan ka panggung!
                  …………..

                  Hatur séwu nuhun. Urang sadaya bingah binarung reueus. Mugi-
            mugi éta préstasi sing janten pamecut sumanget ka adi-adi para siswa di
            ieu sakola. Mugi ieu sakola sing beuki nanjung ku rupi-rupi préstasi anu
            dihontal saban waktos ku para siswa. Amin.

                                                                                        5
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   10   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20