Page 106 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 106

Ti  saprak  der  tatanén,  rupa-rupa  upacara  teu
            eureun-eureun  dilaksanakeun.  Dimimitian  ku  upacara
            muka  huma  (ngabaladah),  upacara  ngaseuk  (mimiti
            melak  binih),  upacara  mipit  (saméméh  panén  gedé
            dimimitian),  upacara  sérén  taun  (sanggeusna  bérés
            panén),  upacara  nganyaran  (mimiti  ngadahar  hasil
            panén), ngadiukkeun (ngampihkeun paré ka leuit), jeung
            upacara  ngahudangkeun  (mun  rék  ngadahar  paré  anu
            geus didiukkeun/diteundeun dina leuit).
                    Anu  sohor  sarta  sok  remen  diwartakeun  dina
            koran, majalah,  malah remen dipidangkeun dina televisi
            nasional, nyaéta upacara sérén taun. Malah dina upacara
            sérén  taun  mah  sok  didatangan  ku  turis  mancanagara
            sagala, lian ti turis lokal téh. Upacarana mémang ngahaja
            dipidangkeun keur lalajoaneun. Dina usum upacara sérén
            taun ieu, Kampung Ciptagelar lir jadi kampung wisata.
            Kasenian-kasenian  tradisional  modél  ngagotong  paré,
            ngagondang, jsb. dipintonkeun ku masarakat anu husus
            meunang  milih  sarta  didangdanan  anu  pantes.  Anu
            dagang “cinderamata” has kampung Ciptagelar ogé loba,
            pangpangna barang-barang karajinan tina anyaman modél
            boboko,  dudukuy,  hihid,  jsb.  Tuh  geuning,  kamonésan
            urang lembur ogé bisa payu dijual.



            B.   Medar Eusi Bahasan

            1.   Ngeunaan Bahasan

                  Bahasan  téh  tulisan  dina  wangun  lancaran  anu
            ngabahas (medar) hiji perkara. Eusina bisa naon baé, biasana
            dumasar kana pakta-pakta boh tina hasil panalungtikan
            (penelitian) boh tina pangalaman sorangan. Nu penting
            mah  aya  pangaweruh-pangaweruh  (kanyaho)  anyar
            anu gedé mangpaatna keur anu maca. Cara nulisna bisa
            narasi (nyaritakeun), déskripsi (nataan atawa nyebutan),
            éksposisi  (ngamunculkeun  hiji  hal  anyar),  bisa  ogé




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    95
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   101   102   103   104   105   106   107   108   109   110   111