Page 108 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 108

Bahasan                              Babagianana

                    Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah
             di  kampung  Sukamulya,  Désa  Sirnaresmi,  Kacamatan
             Cisolok.  Di  ditu,  di  sisi  laut  Palabuan  Ratu.  Ti  saprak
             kantor Kota Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan
             Ratu,  rada  leuheung  ka  kota  téh  teu  jauh  teuing  jiga
             baheula basa Kota Kabupaténna di Cisaat kénéh.


                     Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig              Bubuka
             ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé
             Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali
             paranti  adat  warisan  parakaruhun.  Boh  wangunan
             imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan
             kabiasaan  urang  Sunda  pituin,  anu  can  kacampuran
             ku pangaruh  modéren.

                 Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna
             ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut
             imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung
             kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah
             téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun
             panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun
             pasagi  opat  jeung  badag.  Kétah,  wangunan  imah  ogé
             handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna.
             Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.

                    Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung  juré.
             Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian             eusi/pedaran
             tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk.
             Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna
             rékép  pisan.  Sedeng  minangka  lanténa,  tina  palupuh.
             Babagian  imah  diwangun  ku  tengah  imah  paranti
             ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa
             kamar  paranti  saré,  padaringan  atawa  goah  paragi
             neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah
             pangeusi  lembur,  di  dinya  ogé  urang  bisa  manggihan
             bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di
             pakampungan Sunda baheula.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    97
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   103   104   105   106   107   108   109   110   111   112   113