Page 107 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 107

arguméntasi (nepikeun ideu atawa pamanggih ngeunaan
                           hiji hal). Atawa bisa ogé campuran tina sababaraha cara
                           nulis  di  luhur.  Upamana,  narasi  jeung  éksposisi,  narasi
                           jeung  déskripsi,  atawa  narasi  jeung  arguméntasi.  Ngan
                           biasana, dina unggal tulisan bahasan, narasi mah aya waé
                           najan ukur sabagéan leutik.
                                Bahasan  biasana diwangun  ku bubuka, eusi, jeung
                           panutup.  Disebutna  babagian  (struktur)  bahasan.  Atuh
                           wanda tulisanna, bisa ti hal-hal anu umum ka hal-hal anu
                           husus  (déduksi), atawa sabalikna ti hal-hal anu husus ka
                           hal-hal anu umum (induksi). Titénan gambar di handap!



                                                                  bubuka

                                      bubuka
                                                                    eusi
                                        eusi
                                                                 panutup

                                     panutup


                                         Induksi                    déduksi


                                Bahasan  di  luhur,  medar  ngeunaan  kamp  ng  adat
                           kasepuhan  Cipta  Gelar  anu  perenahna  di  Kabupatén
                           Sukabumi. Cara nulisna campuran antara narasi, déskripsi,
                           jeung  éksposisi.  Sedengkeun  tulisanna  dimimitian  ti
                           hal-hal anu umum tuluy mucuk kana hal-hal anu husus
                           (déduksi).


                           2.   Babagian (struktur)  Bahasan


                                Tadi  disebutkeun,  bahasan  diwangun  ku  bubuka,
                           eusi,  jeung  panutup.  Kitu  deui  dina  bahasan  ngeunaan
                           Kampung  Gedé  Kasepuhan  Ciptagelar,  aya  bagian
                           bubuka, bagian eusi, jeung bagian panutup. Geura titénan
                           tabél di handap!

            96                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   102   103   104   105   106   107   108   109   110   111   112