Page 105 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 105

Anu  disebut  bumi  ageung  téh  paranti  ngariungna
                           masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun.
                           Biasana  dijejeran  ku  sesepuh  lembur,  anu  disebutna
                           Sesepuh  Girang  .  Tah,  ngeunaan  leuit,  lamun  dina  basa
                           Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun
                           paré.  Wangunna  jiga  imah,  ngan  leuwih  leutik.  Sisina
                           ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna
                           di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit.
                           Jadi  moal  pacorok  pangaboga.  Di  deukeut  wangunan
                           leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu
                           sakumna  pangeusi  lembur.  Saung  lisung  mah  ngan
                           hiji,  dipaké  ku  salelembur.  Ku  kituna,  mangpaat  saung
                           lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna
                           (sosialisasi) urang lembur.
                                Aya sababaraha adat kabiasaan anu tetep dipiara ku
                           urang Ciptagelar. Rupa-rupa upacara geus biasa dipigawé.
                           Geus  puguheun    anu  patali  jeung  kahirupan  hiji  jalma
                           mah, ti mimiti ngandung, ngalahirkeun, ngubur bali, méré
                           ngaran, nyunatan keur budak lalaki, ngawinkeun, nepi ka
                           maotna, teu weléh dibarengan ku upacara anu dikokojoan
                           ku sesepuh Girang.

                                Anu béda ti batur, dina upacara tatanén. Dina prak-
                           prakkanana rék tatanén, biasana dimimitian ku jarah ka
                           makam  karuhun  lembur  anu  aya  di  wewengkon  Bogor
                           Kidul  jeung  Banten  Kidul.  Anu  indit  jarahna  mah  teu
                           kudu  saréréa  ngabring,  cukup  diwakilan  ku  sesepuh
                           girang jeung réngrénganna. Di kuburan para karuhun ieu,
                           sesepuh  girang  jeung  réngrénganana  ngagalantangkeun
                           do’a amit rék ngamimitian ngabaladah.

                                  Geus  réngsé  jarah,  sesepuh  girang  balik  deui  ka
                           lembur,  mawa  iber  iraha  ngamimitian  ngagarap  huma.
                           Peutingna  rék  ngabaladah,  di  imah  sesepuh  girang
                           diayakeun  upacara  salametan  anu  dihadiran  sakabéh
                           tokoh adat jeung sesepuh lembur.




            94                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   100   101   102   103   104   105   106   107   108   109   110