Page 109 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 109

Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna
           masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun.
           Biasana  dijejeran  ku  sesepuh  lembur,  anu  disebutna
           Sesepuh  Girang  .  Tah,  ngeunaan  leuit,  lamun  dina
           basa  Indonésia  mah  disebutna  “lumbung”  téa,  paragi
           neundeun  paré.  Wangunna  jiga  imah,  ngan  leuwih
           leutik.  Sisina  ditutupan  ku  bilik,  hateupna  ku  injuk.
           Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah,
           pasti  ngabogaan  leuit.  Jadi  moal  pacorok  pangaboga.
           Di  deukeut  wangunan  leuit,  diwangun  saung  lisung
           nya éta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur.
           Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku
           kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu,
           ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.

                   Aya sababaraha adat kabiasaan anu tetep dipiara
           ku  urang  Ciptagelar.  Rupa-rupa  upacara  geus  biasa
           dipigawé. Geus puguheun  anu patali jeung kahirupan
           hiji  jalma  mah,  ti  mimiti  ngandung,  ngalahirkeun,
           ngubur bali, méré ngaran, nyunatan keur budak lalaki,
           ngawinkeun, nepi ka maotna, teu weléh dibarengan ku
           upacara anu dikokojoan ku sesepuh Girang.

                   Anu béda ti batur, dina upacara tatanén. Dina prak-
           prakkanna rék tatanén, biasana dimimitian ku jarah ka
           makam karuhun lembur anu aya di wewengkon Bogor
           Kidul  jeung  Banten  Kidul. Anu  indit  jarahna  mah  teu
           kudu  saréréa  ngabring,  cukup  diwakilan  ku  sesepuh
           girang jeung réngrénganna. Di kuburan para karuhun ieu,
           sesepuh girang jeung réngrénganana ngagalantangkeun
           do’a amit rék ngamimitian ngabaladah.

                   Geus réngsé jarah, sesepuh girang balik deui ka
           lembur, mawa iber iraha ngamimitian ngagarap huma.
           Peutingna  rék  ngabaladah,  di  imah  sesepuh  girang
           diayakeun  upacara  salametan  anu  dihadiran  sakabéh
           tokoh adat jeung sesepuh lembur.


            98                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   104   105   106   107   108   109   110   111   112   113   114