Page 110 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 110

Ti  saprak  der  tatanén,  rupa-rupa  upacara  teu
             eureun-eureun  dilaksanakeun.  Dimimitian  ku  upacara
             muka  huma  (ngabaladah),  upacara  ngaseuk  (mimiti
             melak  binih),  upacara  mipit  (saméméh  panén  gedé
             dimimitian),  upacara  sérén  taun  (sanggeusna  bérés
             panén),  upacara  nganyaran  (mimiti  ngadahar  hasil
             panén),  ngadiukkeun  (ngampihkeun  paré  ka  leuit),
             jeung upacara ngahudangkeun (mun rék ngadahar paré
             anu geus didiukkeun/diteundeun dina leuit).
                      Anu sohor sarta sok remen diwartakeun dina koran,
             majalah,    malah  remen  dipidangkeun  dina  televisi
             nasional, nya éta upacara sérén taun. Malah dina upacara
             sérén taun mah sok didatangan ku turis mancanagara
             sagala, lian ti turis lokal téh. Upacarana mémang ngahaja
             dipidangkeun  keur  lalajoaneun.  Dina  usum  upacara
             sérén  taun  ieu,  Kampung  Ciptagelar  lir  jadi  kampung
             wisata. Kasenian-kasenian tradisional modél ngagotong               panutup
             paré, ngagondang, jsb. dipintonkeun ku masarakat anu
             husus  meunang  milih  sarta  didangdanan  anu  pantes.
             Anu  dagang  “cinderamata”  has  kampung  Ciptagelar
             ogé  loba,  pangpangna  barang-barang  karajinan  tina
             anyaman modél boboko, dudukuy, hihid, jsb.
                     Tuh geuning, kamonésan urang lembur ogé bisa
             payu dijual.


                                                Latihan

                  Sangkan leuwih paham kana eusi wacana di luhur,  jawab pananya
            di handap!

            1.    Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
            2.    Naha disebut Kampung Adat?
            3.    Kumaha  wangunan  imah  anu  aya  di  Kampung Adat  Ciptagelar  ?
                  Jéntrékeun!
            4.    Tina naon bahan-bahan material imahna?
            5.    Sebutkeun babagian imah jeung keur naon waé pungsina!
            6.    Naon pungsina Bumi Ageung téh?
            7.    Wangunan naon anu pungsina pikeun ngayakeun  hubungan  sosial
                  di antara masarakat Kampung Adat Ciptagelar?


                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    99
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   105   106   107   108   109   110   111   112   113   114   115