Page 15 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 15

Latihan 1
                                Pikeun  nambahan  pangaweruh  ngeunaan  kawih,
                           jawab pananya di handap!

                           1.    Sebutkeun  kawih-kawih  anu  témana  rupa-rupa
                                kadaharan minimal lima judul!
                           2.    Sebutkeun  kawih-kawih  anu  témana  kaéndahan
                                alam minimal lima judul!
                           3.    Sebutkeun kawih-kawih anu témana ngeunaan cinta
                                minimal lima judul!
                           4.   Sebutkeun kawih séjénna anu témana kapahlawanan
                                minimal lima judul!
                           5.    Saha  Muhammad  Toha  téh?  Caritakeun  kalawan
                                jéntré naon jasana ka nagara!
                           6.    Naha Muhamad Toha dianggap korban munggaran
                                di pangperangan?
                           7.    Naha Muhamad Toha dianggap maot sahid?
                           8.    Kumaha  perasaan  hidep  sabada  maca  rumpaka
                                kawih Pahlawan Toha?
                           9.    Keur naon diwangun tugu anu dikuriling ku émpang
                                pinuh kembang taraté?
                           10.   Sebutkeun pahlawan Jawa Barat séjénna anu kungsi
                                kasebut dina kawih!


                           2.  Purwakanti dina Kawih


                                Basa anu digunakeun dina kawih, biasana karasa pi-
                           san kaéndahanana. Lian ti kekecapanna meunang milihan
                           téh,  ogé  leubeut  ku  purwakanti.  Ku  ayana  purwakanti,
                           beuki  karasa  baé  éndahna  basa  téh.  Ari  nu  dimaksud
                           purwakanti  téh  padeukeutna  sora  dina  tungtung  kecap
                           atawa  kalimah.  Jadi,  sarupaning  mamanis  basa  nu  diu-
                           dagkeun kana sora, boh vokal boh konsonan.  Dina kawih
                           Pahlawan  Toha,  leubeut  pisan  ku  purwakanti,  boh  dina
                           jajaranna boh dina gundukanana. Geura urang cutat deui
                           kawihna!



             4                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   10   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20