Page 130 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 130

Kagiatan Kelompok


              a.   Sangkan hidep leuwih paham kana eusi bacaan, pék jawab pananya
                  di handap!
                  1.  Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan  hartina
                      dina kamus!
                  2.  Di mana perenahna Kampung Urug téh?
                  3.  Modél naon waé wangunan anu aya di Kampung Urug?
                  4.  Bahan-bahan  material  anu  biasa  dipaké  ngawangun  imah  di

                      kampung Urug naon waé?
                  5.  Bagian  imah  naon  waé  anu  aya  dina  wangunan  imah  di
                      Kampung Urug tapi teu aya dina wangunan imah modéren?
                  6.  Bahan material modéren naon waé anu geus mimiti dipaké di
                      Kampung Urug?
                  7.  Wangunan naon anu jadi puseur kagiatan di kampung Urug?
                  8.  Upacara naon waé anu geus maneuh tanggalna?
                  9.  Upacara naon waé anu teu maneuh tanggalna tapi nuturkeun
                      datangna usum?

                  10. Upacara  naon  waé  anu  aya,  boh  di  Kampung  Urug  boh  di
                      Kampung Ciptagelar?


              b.   Pék pigawé babarengan!
                  1.   Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan  hartina
                      dina kamus. Geus kitu larapkeun kana kalimah!
                  2.   Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa!
                  3.   Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup!

                  4.   Tangtukeun  jenis  tulisanna,  naha  narasi,  déskripsi,  eksposisi,
                      arguméntasi,  atawa  gabungan  tina  sababaraha  jenis  tulisan.
                      Lamun gabungan, sebutkeun naon waé!
                  5.   Tangtukeun  wanda  tulisanna,  naha  induksi  naha  déduksi.
                      Sebutkeun alesanana!
                  6.   Caritakeun deui eusi wacana di luhur maké basa hidep
                        sorangan!





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   119
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   125   126   127   128   129   130   131   132   133   134   135