Page 131 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 131

E.   Pancén


          1.   Masih kénéh jeung kelompok anu tadi, téangan conto bahasan anu
               aya patalina jeung budaya Sunda, boh tina majalah boh tina internét.
               Geura  dina  website  Sunda  loba  pisan  bahasan  ngeunaan  budaya.
               Pilih anu dipikaresep ku hidep. Tuluy pigawé:
               a.    Baca sing gemet
               b.    Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  sarta  téangan  hartina
                     dina kamus.
               c.    Kecap-kecap anu hartina geus kapanggih tuluy larapkeun kana
                     kalimah anu béda jeung dina bacaan.
               d.   Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa!
               e.    Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup!
               f.    Tangtukeun jenis tulisanna, naha narasi, déskripsi, eksposisi,
                     arguméntasi,  atawa  gabungan  tina  sababaraha  jenis  tulisan.
                     Lamun gabungan, sebutkeun naon waé!
               g.    Tangtukeun  wanda  tulisanna,  naha  induksi  naha  déduksi.
                     Sebutkeun alesanana!
               h.  Caritakeun deui eusi wacana di luhur maké basa hidep
                          sorangan!
          2.    Di handap aya rangkay karangan bahasan, pék ku hidep jieun jadi
               hiji karangan!
                                                                                                                      7
               a.    Rupa-rupa kasenian Jawa Barat dina wangun tari
               b.    Jaipongan, salahsahiji tari kréasi anyar
               c.    Mimiti ceuyahna jaipongan                                                                  PANGAJARAN
               d.   Kamekaran seni jaipongan
               e.    Minat barudak ngora kana jaipongna
               f.    Jaipongan di sakola
               g.    Kaayaan seni jaipongan ayeuna
          3.    Masih  pancén  kelompok,  jieun  bahasan  ngeunaan  budaya  Sunda,
               pilih salasahiji témana. Ulah poho jieun heula rangkay karanganna!
               a.    Kabiasaan panén di lembur kuring
               b.    Kasenian anu sok ditanggap dina hajatan nyunatan
               c.    Kasenian has ti daérah kuring
               d.    Tradisi anu sok dilaksanakeun dina upacara tujuh bulanan nu
                     kakandungan
               e.    Karajinan has ti daérah kuring
               f.    Dahareun has ti daérah ku



            120                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   126   127   128   129   130   131   132   133   134   135   136