Page 126 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 126

Sumber: pikiran rakyat.com


                  Bérés  sasalaman,  lalaki  mah  tuluy  dariuk  ngagarunduk    jeung
            kulawargana séwang-séwangan.  Sedeng ibu-ibuna jeung barudak awéwé,
            baralik heula ka imahna séwang-séwangan. Baralik deuina ka masigit téh
            geus  mawa  idangan  lebaran  sapuratina.  Ti  mimiti  sangu,  kupat,  opor,
            rendang,  sambel  goreng  kumeli,  lodéh  mi,  asé  cabé,  beuleum  hayam,
            sambel nepi ka lalabna, pepek.  Geus kitu mah, brak baé saréréa, awéwé
            lalaki, kolot budak, dahar balakécrakan jero masigit. Resepna dina waktu
            silihtukeur  dahareun.  Ringkok  jeung  lodor,  pabeulit  patukeur  tempat.
            Silihasaan pasakan. Bari ramé ngobrol gogonjakan. Saralsé baé dahar téh,
            malah sok bari popotoan sagala. Meungpeung amprok rinéh jeung batur
            salembur sarta bisa silihasaan dahareun, bubuhan sapopoé mah riweuh
            ku pagawéan. Bérés dahar balakécrakan, kakara nguruskeun kapentingan
            séwang-séwangan, pangpangna mah nu boga kolot di lembur séjén sok
            tuluy arindit ngadon silaturahmi. Ari anu geus ngariung sadudulur mah
            sok tuluy arulin ka laut Minajaya atawa Ujung Genténg, ngadon sukan-
            sukan babarengan.
                  Ieu  kabiasaan  téh  ngan  diayakeun  sataun  dua  kali,  dina  waktuna
            lebaran idul fitri jeung idul adha. Anéhna, ieu kabiasaan téh di lembur
            séjén mah, najan natangga, geuning teu aya. Hiji kabiasaan nu teu weléh
            ngondang kasono pikeun nu ngumbara ka jauhna.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   115
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   121   122   123   124   125   126   127   128   129   130   131