Page 125 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 125

Jauh  tangéh  ka  lebaran,  pamaréntah  dina  hal  ieu  kementrian
          perhubungan, tihothat nataharkeun arus mudik sangkan lungsur-langsar
          saréréa.  Angkutan  darat,  laut,  jeung  udara  ditataharkeun  ti  anggalna
          sangkan nyumponan bubutuh anu mudik. Malah pausahaan-pausahaan
          badag ogé loba anu milu nyarumbang nyadiakeun angkutan lebaran keur
          nu mudik.  Tuh, pan saréréa milu riweuh ku ayana tradisi mudik téh.
               Ari  nu  mudik,  nu  matak  sok  maraksakeun  bélaan  ngéndong  di
          setasion  karéta  atawa  di  palabuan  pameuntasan  antar  pulo  téh,  lain
          ngan sakadar pikeun nyumponan kawajiban salaku anak ka kolot atawa
          adi ka lanceuk wungkul, tapi ogé pikeun nyumponan bubutuh batinna
          mulangkeun panineungan kana sagalarupa anu kungsi dipilampah jeung
          nu dipikaresep basa keur leutikna di lembur.

               Komo urang Sunda mah da geus kawentar kandel rasa romantismena.
          Mudik téh jadi hiji wanci pikeun ngalubarkeun kasonona kana sagalarupa
          tradisi  anu  geus  tara  kapanggih  di  kota.  Pangpangna  mun  aya  tradisi
          atawa  kabiasaan  anu  nyengceling  béda  ti  batur,  tong  boroning  di  kota
          dalah di lembur séjénna deui ogé tara kapanggih.
               Di  pakidulan  Sukabumi,  persisna  di  kampung  Salagedang  Désa
          Bojongsari  Kacamatan  Jampangkulon,  aya  hiji  kabiasaan  dina  poéan
          lebaran anu asa can kapanggih deui di wewengkon séjén mah. Ari perkara
          munggah  jeung  peupeuncitan  mah  prah  waé  jeung  di  lembur  séjénna.
          Tarawéh pon kitu deui, taya bédana. Atuh solat Idul fitri jeung idul adha
          kitu kénéh, umum jeung batur.

               Tah  anu  béda  téh  acara  sabadana  ngalaksanakeun  solat  Idul  Fitri
          atawa  Idul Adha.  Dina  ngalaksanakeun  solat  téh  tara  ka  lapang  atawa
          ngahiji ka lembur séjén. Cukup dilaksanakeun di masigit anu aya di lembur
          waé.  Sok padahal mun solat Jumaah mah sok ngadon ka masigit nu aya
          di lembur tatangga, meureun méh jamaahna rada rempeg. Kawuwuh di
          kampung éta mah jumlah pangeusina ogé teu loba, ukur aya 23 suhunan.
          Najan katambahan ku nu mudik ogé pangeusi lembur téh tara ieuh nepi
          ka heurin usik. Bubuhan anu ngumbara ka kotana ogé teu pati loba.

               Sabada  solat  ied  dilaksanakeun,  tos  hutbah  téh  dituluykeun  ku
          nguriling  sasalaman.  Di  dinya  baé  di  jero  masigit.  Kolot-kolot  ngajajar
          turut-turut sisi témbok, barudak ngantay nguriling sasalaman.



            114                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   120   121   122   123   124   125   126   127   128   129   130