Page 129 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 129

Sumber: www.mala08.wordpress.com

               Lian ti éta, aya deui upacara rewah anu diayakeun unggal tanggal 12
          rewah. Tujuan diayakeunna ieu upacara, pikeun “rewah” ka nabi Adam.
          Maksudna  mah  miéling  Nabi  Adam  sareng  turunanana,  nyaéta  umat
          manusa.
               Masih  kénéh  upacara  anu  maneuh  diayakeun  nyaéta  salametan
          Mulud  anu  diayakeun  unggal  tanggal  12  Mulud,  pikeun  miéling
          dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Mun di urang mah sok
          disebut Muludan téa geuning. Ieu upacara téh sok diayakeun di rohang
          pancaniti Gedong Sanghyang Tunggal.
               Sedeng upacara sidekah bumi mah lain tanggalna anu maneuh téh
          tapi poéna. Ieu upacara dilaksanakeun dina waktu arék tebar bibinihan.
          Diayakeun sataun sakali. Tanggal jeung bulanna mah teu ditangtukeun,
          ngan anu jelas kudu dilaksanakeun dina poé Rebo.
               Hiji  deui  upacara  anu  teu  ditangtukeun  bulan  jeung  tanggalna
          téh nyaéta upacara salametan puasa jeung lebaran. Tangtu baé teu bisa
          maneuh waktuna, da nuturkeun kumaha datangna bulan puasa waé. Sapoé
          méméh puasa, diayakeun salametan heula. Meureun mun di urang mah
          sok disebut munggah téa. Tuluy disambung deui dina poéan lebaran.
               Ka  kampung  Urug  ogé  geus  loba  wisatawan,  boh  doméstik  boh
          mancanagara,  anu  datang.  Komo  dina  upacara-upacara  anu  tanggalna
          geus maneuh mah. ku kituna, kampung adat téh mun terus dipiara mah
          bisa jadi asét wisata anu nguntungkeun, boh keur pamaréntah sumawonna
          keur masarakat nu aya di éta lembur .


            118                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   124   125   126   127   128   129   130   131   132   133   134